Opat Isu Strategis Dina Rarancang Pangwangunan Taun 2024

 

DPRD Kota Bandung baris medar Rarancangan Pangwangunan Daérah Kota Bandung taun 2024. Hal éta mingangka bagian tina tahapan sosialisasi yén dina waktu nu bakal datang, baris neuleuman program-program strategis nu jadi tatapakan dina pangwangunan. Rupaning kamadang baris diguar dina Forum Konsultasi Publik Rencana Pangwangunan Daerah taun 2024-2026. Forum éta nu diluuhan ku wawakil ti saban Komisi DPRD Kota Bandung.

Nurutkeun kawijakan ti Pamaréntah Pusat aya 7 isu strategis. Pikeun Kota Bandung mah dipeureut jadi 4 isu, diantarana nu aya pakait jeung tempat nu merenah, Sumber Daya Manusa, ékonomi, kaséhatan, nu bagbaganana mah tas ngawengku isu strategi.

Iman Lestariyono

Ketua Fraksi PKS DPRD Kota Bandung Iman Lestariyono, miharep dina nyusun waragad téh bisa nadah hal-hal nu dina taun 2024 kudu dikawal sacara intens. Disurahan mah, dina taun 2023 téh aya résési ékonomi taun 2023. Dina triwulan kahiji mah masih kapeunteun positif. Dipiharep target PAD (Pendapatan Asli Daerah) Pamaréntah Kota Bandung bisa kahontal.

“Kota Bandung téh gaduh ciri mandiri dina kuliner sareng jasa. Éta poténsi ageing kanggo PAD. Janten kedah aya kolaborasi lintas dinas dina metakeun rarancang program,” pokna.

Iman ngémbohan yén masing-masing dinas téh miboga program. Tah sakitu program téh aya nu bisa kolaborasi pikeun digarap babarengan. Anggota Komisi C DPRD Kota Bandung mastikeun program nu tas katempo alus téh terus dilaksanakeun. Saperti istilah PIPPK keur infrastruktur. Infrastruktur dina program garapan nu liana bisa jadi istilah na béda asal aya dina udagan nu sarua nyaéta merenahkeun.

Pon kitu deui dina widang kaséhatan. Saacanna aya jaminan kaséhatan ngaliwatan UHC (Universal Health Coverage/cakupan kesehatan semesta). Bisa jadi taun nu bakal datang bakal béda. Najan béda istilah. Dipihareup ngan udagannana angger sarua, nyaéta muka aksés kaséhatan nu salega-legana pikeun masarakat.

 

 


Ahmad Farid Fakhrullah

Posting Komentar

0 Komentar