Kawijakan Kawilayahan Ngarojong Pulihna Ékonomi

Ketua Badan Kehormatan DPRD Kota Bandung Andri Rusmana hadir dina kagiatan Musrenbang Kecamatan Panyileukan, anu jejerna Memantapkan Pemulihan Ekonomi & Kualitas Infrastruktur Kota yang Inklusif serta Berkelanjutan Guna Meningkatkan Kesejahteraan Masyarakat. Acara lumangsung di Kantor Kacamatan Panyileukan, Kota Bandung, sabaraha waktu ka tukang.

H. Andri Rusmana

Dina ngarojong program-program anu diusulkeun dina kagiatan Musrenbang tingkat Kacamatan éta, hususna pakait jeung ngawalatrakeun pangwangunan infrastruktur di kawilayahan sangkan leuwih efektif. Dipihareup dina waktu nu bakal datang program-program anu dirarancang téh henteu nepi ka tumpang tindih antara usulan résés jeung usulan Musrenbang. Alatan usulan éta moal dipairan sacara maksimal.

Andri Rusmana nétélakeun yén usulan anu dirumuskeun dina Musrenbang tingkat Kacamatan jeung résés DPRD Kota Bandung bisa kaserap sacara maksimal mah baris mere mangpaat nu lega pikeun masarakat nu aya di opat Kalurahan di Kacamatan Panyileukan Kota Bandung. Salian ti éta, patali jeung pamulihan ékonomi sakumaha nu jadi jejer dina Kagiatan Musrenbang di Kacamatan Panyileukan Kota Bandung, hal éta teu tiasa dipilampah sacara instan tapi dibutuhkeun proses anu cukup panjang.

“Janten kedah aya kawijakan di kawilayan anu dampakna karaos langsung ku masarakat,” ceuk Andri tandes naker.

Andri ngémbohan yén kawijakan-kawijakan nu dilarapkeun ku pamarentah di tingkat kawilayahan téh kudu mampuh ngarojong proses pamulihan ékonomi. Nurutkeun Andri, salah sahiji nu katémbong tina jantung proses pamulihan ékonomi téh aya di UMKM. Demi UMKM nu aya di Kacamatan Panyileukan Kota Bandung téh katémbong aya kamajuan, angot ditilik tina upaya pangapingan. Hal éta dipiharep sangkan jadi tolok ukur keur sagancangna ngahudangkeun pascapandemi.

Saterusna Andri ngécéeskeun ngeunaan pentingna kolaborasi jeung komunikasi nu alus antara Pamaréntahan di tingkat Kawilayahan jeung Pamarentah Kota Bandung, boh Pamarentah Provinsi Jawa Barat boh Pamaréntah Pusat dina ngarojong ayana pangwangunan infrastruktur jeung sumber daya manusia anu optimal. Pangwangunan SDM Kota Bandung téh kudu miboga daya saing nu lain ukur di tingkat regional, nasional, samaah mah nepi ka internasional. Ku kituna nalika ngararancang prohram téh kudu merenahkeun pangwangunan anu mayeng.

“Pola pangwangunan anu mayeng téh adumanis antar kawilayahan. Kolaborasi sapertos kitu tiasa medalkeun solusi pikeun rupaning pasualan Kota Bandung,” pokna.

Pasualan anu disinghareupan di Kota Bandung, hususna di tingkat kawilayahan cukup loba anu kudu sagancangna di réngsékeun di antarana pasoalan caah, runtah, kamacetan. Pikeun ngungkulan pasualan-pasualan éta, nya butuh sumanget kolaborasi jeung gotong royong. Pasualan sakumaha gedéna gé upama dibéréskeun babarengan mah hasilna bakal optimal.

 




Ahmad Farid Fakhrullah 

Posting Komentar

0 Komentar