Istiqomah : Konci Hirup Genah Tumaninah





ku : Miarti Yoga
(Bidang Seni Budaya PKS Kota Bandung)

Saéstuna, lumangsungna kahirupan urang téh butuh bekel anu utama. Salah sahiji bekelna nyaéta sikep istiqomah. Naha urang kudu ngabogaan sikep istiqomah? Sabab ku ayana sikep istiqomah, urang tangtu moal pegat impian. Sabalikna, lamun urang teu istiqomah, tangtu urang bakal gampang pisan luncat tina tali gadang.
Anapon contona, lamun urang gampang bosen tina hiji pagawéan, atawa urang teu payaan atawa pundungan, tangtu urang moal lana dina migawé hiji kawajiban. Nu aya mah, urang bakal gampang bosen, gampang eureun. Anu antukna, urang milih cicing teu neruskeun hanca.
Dina prak-prakanana, kalintang lobana conto hirup istiqomah. Ngabiasakeun diri infaq dina jalan kahadéan. Éta salah sahiji contona. Sabaraha rupia waé anu ku urang dikaluarkeun, anu penting mayeng jeung kumangsung dina waktu anu panjang. InsyaAllah, ku jalan sederhana ieu, urang moal ngarasa horéam ngaluarkeun nominal pikeun infaq atawa sodaqoh. Sabalikna, sanajan urang sok rajeun infaq dina jumlah anu gedé tapi henteu mayeng alias kalan-kalan, tangtu moal ngajidikeun hiji méntal. Sabab anu disebut méntal mah lamun hiji pagawéan dilakonan ku cara mayeng tur teu kaonggét-onggét ku kaayaan kumaha baé.
Kitu deui dina sual hirup kumbuh jeung papada manusa. Lamun urang biasa silih rojong, silih tanya, silih geuing jeung silih tulungan, tangtu urang moal ngarasa beurat nalika hirup babarengan jeung tatangga atawa jeung batur sapagawéan. Kitu deui dina hirup organisasi. Urang moal kagok hirup babarangan atawa berjoang pikeun kamaslahatan. Ogé mola aya istilah paaing-aing alias sikep égois.
Komo deui dina perkara ibadah mahdoh ka Allah SWT. Sholat, zakat, puasa, jeung ibadah nu lianna. Tangtu urang bakal beurat pisan ngalakonan, lamun urang teu biasa. Ku kituna, sholat di awal waktu, ngabiasakeun puasa sunah, éstu mangrupa hiji latihan sangkan urang ringan dina ngajalankeun sagala rupa kawajiban. Allohu ‘alam. Mugi mangfaat.



Artinya :

Sesungguhnya, keberlangsungan hidup kita membutuhkan bekal yang utama. Slah satu bekal tersebut adalah sikap istiqomah. Mengapa kita perlu memiliki istiqomah? Supaya kita tidak putus impian atau ekspektasi. Sebaliknya, jika kita tidak istiqomah, maka kita akan mudah sekali dari tanggung jawab.
Adapun contohnya, jika kita mudah bosan dengan satu pekerjaan, atau kita mudah sekali merasa tak enak hati dengan sikap orang, tentu kita akan mudahnya mengakhiri sebuah proyek atau sebuah agenda yang sedang ditempuh. Pada akhirnya, kita akan mudah sekali memutuskan untuk berhenti tanpa ada satu pun yang terselesaikan.
Dalam praktiknya, begitu banyak contoh hidup istiqomah. Membiasakan diri berinfaq di jalan kebaikan. Itulah salah satu contohnya. Berapa rupiah pun uang yang kita keluarkan, yang penting dijalankan secara konsisten dan dalam waktu yang panjang. InsyaAllah, dengan jalan sederhana ini, kita tidak akan merasa berat mengeluarkan nominal untuk berinfaq atau sedeqah. Sebaliknya, sekalipun kita berinfaq dengan nominal yang besar, namun hanya dilakukan sesekali atau kadang-kadang, maka tidak akan menjadi sebuah mental. Karena baru dikatakan sebuah mental jika sebuah pekerjaan dilakukan dengan terbiasaa bahkan tak terganggu dengan kondisi apapun.
Demikian pula dalam persoalan hidup bersama atau hidup bermasyarakat. Jika kita terbiasa saling tegur sapa, sapaing mendukung, saling menolong, maka kita tak akan merasa berat saat harus menunaikan hidup bertetangga atau bersama-sama dengan teman satu pekerjaan. Pun dalam kehidupan berorganisasi. Kita tak kan merasa berat dan canggung saat harus berjuang bersama dalam tujuan kemasalahatan. Dan tidak ada pula keegoisan mempertahankan persepsi pribadi.
Apalagi dalam urusan beribadah kepada Allah SWT. Sholat, zakat, puasa dan ibadah yang lainnya. Tentu kita akan sangat berat menjalanikannya manakala kita tak terbiasa. Dengan demikian, sholat di awal waktu, rajin puasa sunnah, sesungguhnya sebuah ladang latihan agar kita merasa ringan dalam menjalankan ragam kewajiban. Allohu ‘alam bish showaab. Semoga bermanfaat.

Posting Komentar

0 Komentar